Wednesday 21 January 2009

DEBAT (PANGAJARAN KADUA)

Pangurus OSIS geus boga rencana rek medalkeun buletin. Ieu program teh minangkana mah pikeun ningkatkeun kagiatan anu geus aya, nyaeta nyieun majalah dingding.

Samemeh prak dimimitian, eta rencana teh didiskusikeun heula di antara Pangurus Osis jeung wawakil siswa ti saban kelas. Sangkan aya gambaran anu jelas, kumaha ari ngolah buletin, ti mimiti neangan naskah tepi ka medalna, Pangurus Osis ngondang nara sumber, nyaeta Bapa Ahmad Saelan, salah saurang wartawan senior anu geus welasan taun ngurus penerbitan koran.

Diskusi dipingpin ku pupuhu Osis, sabada jam pelajaran rengse, tempatna di jero kelas. Para pamilon diskusi ngasongkeun rupa-rupa pamanggihna. Gera urang bandingkeun.


Pamingpin Diskusi

"Tos jelas kakuping ku urang sadaya pedaran ti Bapa Ahmad Saelan ngeunaan hal-hal anu patali sareng medalkeun buletin. Upamina dibandingkeun sareng majalah dingding atanapi mading anu salami ieu rutin janten garapan urang, medalkeun buletin mah bakal langkung seueur punjulna. Kahiji, daya sebar buletin mah langkung lega, sareng tiasa disimpen ku saban siswa, saupamina pami tos rengse dibaca kanggo didokumentasikeun. Kadua, eusina oge tiasa langkung euyeub, sareng tiasa dibaca iraha bae. Benten sareng mading anu mung hiji-hijina, sareng macana oge kedah bari ngaradeg, bari sakapeung mah sok rada pasedek-sedek.

Tah ayeuna mah kantun kumaha tanggapan ti urang sadaya, bade kumaha bae dina nerbitkeun buletin teh? Upami diwincik deui mah, kumaha cara ngolahna saha wae anu dipasihan tugas ngurusna, kumaha jadwal terbitna, sareng anu teu lkirang penting nyaeta kumaha milari biaya kanggo nerbitkeunnana? Mangga, kanggo masihan tanggapan, disanggakeun ka sadaya anu ngiring kana ieu diskusi."


Amalia, wakil ti kelas VIII-2


Salajengna...

Tuesday 20 January 2009

SAWER (PANGAJARAN KAHIJI)


Tangtu dulur-dulur pernah ngadangu sawer, utamana mah di nu kariaan ngawinkeun, malah mungkin wae aya diantara dulur-dulur di dieu nu sok pipilueun mulungan saweranana. Sok resep gening paboro-boro silih sedek. Sanes ku artos-artos teuing urang milu pabaliut teh, tapi eta tah ku paboro-borona, leuh atuh da kenging limaratus perak ge tina saweran mah asa kacida bungahna. Sanes kitu Lur?

Percanten pami sadayana oge tos pada terang yen rumpaka kawih nu ditembangkeun ku juru sawer teh pinuh ku rupa-rupa papatah, sangkan hirup aya dina kabagjaan. Hal eta teh nuduhkeun yen karuhun urang baheula teh gening rancage kacida, tepi ka nepikeun papatah oge dibulen dina jero karya seni. Meureun pangna ditepikeunana ku cara ditembangkeun teh nu dipalar sangkan leuwih genah kadengena, sarta leuwih nyerep katarimana (cobi bayangkeun mun nepikeunnana bari hahaok sarta popolotot, iiiiiiiyyyy, bararaid teuing ngadangukeunana ge nya, ). Puisi sawer teh ngandung karancagean dina widang seni sastra sareng seni soara.

Anu nepikeun puisi sawer biasana mah sok ku juru sawer (meh sorana hade, henteu cempreng. Ari ditepikeunana salian ti di nu kawinan, oge di nu ngareuah-reuah budak sunatan.


Pangna disebut sawer, eta pedah nepikeunana biasanya di panyaweran (bagean di luareun imah nu henteu kacurugan ku cai hujan/ tungtung teras mun ayeuna mah). Meunang teu lamun nyawerna di jero imah? Teu maci atuh, pan kudu di panyaweran tea (meureun meh nu milu mulungan teu pasesedek teuing, mun dijero imah mah bakal pibarabeeun ).

Dina acara nyawer mun juru sawer geus rengse nembangkeun papatahna, malah tampolana di tengah-tengah, indung bapa nu dikariakeun teh (bisa budak sunatan atawa panganten) sok ngawurkeun beas, koneng meunang nyiksik, jeung duit kencring. Duitna mah nu ku dulur-dulur sok diararep-arep tea lain?

Beas nu diawurkeun cenah mah ngalambangkeun kasuburan, meh jalmi nu disawer dipasihan kasuburan rizkina, henteu kakurangan. Ari koneng nu disiksikan eta teh perlambang tina harta, cenah meh nu disawer loba emasna. Duit tangtu wae lambang tina dunya barana, meh nu disawer loba dunyana, lubak libuk loba harta. Gening henteu sagawah nya anu diwurkeun teh bet ngandung siloka.

Rumpaka puisi sawer bisana dina wangun sa'ir. Eta gening wangun puisi nu dina sapadana (bait) teh aya opat padalisan (jajar), sarta saban padalisanna aya dalapan engang (suku kata ceuk basa malayuna mah). Naha bener kitu? Hayu urang titenan conto sawer ieu di handap,

Nyawer dibuka bismillah (nya-wer-di-bu-ka-bis-mil-lah = 8 engang)
pikeun nyebat asma Allah (pi-keun-nye-bat-as-ma-al-lah = 8 engang)
solawat ka Raosulullah (so-la-wat-ka-ro-sul-ul-lah = 8 engang)
maksadna bade papatah (mak-sad-na-ba-de-pa-pa-tah = 8 engang)

Kumaha, leres teu? Pami kirang ti dalapan engang kinten-kintenna tiasa ditembangkeun henteu?

Cing gera titenan deui pada salajengna, ulah hilap nitenan purwakantina!

Papatah ibarat lampu
pikeun tuduh jalan kalbu
sangkan urang teu kaliru
milih jalan anu baku


Kade tong hirup ngaberung
siga kuda anu mangprung
dosa taya nu dilarung
tungtungna hirup kaduhung


Disepitan apan kudu
miceun kokotor saestu
sangkan ibadah teu ragu
taya najis anu tangtu

Ari solat sarat sahna
kedah beresih badanna
nya kitu anggoanana
suci lahir jeung batinna


Ti ayeuna ka payunna
masing getol ibadahna
solat nu lima waktuna
ditambih sunat sanesna


Masing getol ngaos Qur'an
eta nu bakal nyaangan
mun nyawa ninggalkeun badan
nya mulang ka kalanggengan

Nya kitu elmu sejenna
ulah hilap milarina
elmu nu seueur gunana
dunya sareng aheratna

(dicutat tina Gapura Basa jilid VIII kaca 94-95)

Eta teh sawer nu ditembangkeun di nu sunatan (mangga gera disarunatan deui, meh disawer, wkakakakak...........)

Gening puisi sawer teh pinuh ku babandingan, eta teh sangkan papatah nu ditepikeun leuwih nyerep kana hate, leuwih tembres. Ari lagam nu sok dipake biasana mah kidung (bisa oge make pupuh kinanti.

Cangkeul gening ngetikna ge bro, tos ah, ayeuna mah bagean dulur-dulur nu nembangkeun eta rumpaka sawer, mangga wilujeng, sing aranteng nya, tong binun-binun, turutan we nu nyawer di nu hajat, mangga, tarembang olangan.
Salajengna...