Pangurus OSIS geus boga rencana rek medalkeun buletin. Ieu program teh minangkana mah pikeun ningkatkeun kagiatan anu geus aya, nyaeta nyieun majalah dingding.
Samemeh prak dimimitian, eta rencana teh didiskusikeun heula di antara Pangurus Osis jeung wawakil siswa ti saban kelas. Sangkan aya gambaran anu jelas, kumaha ari ngolah buletin, ti mimiti neangan naskah tepi ka medalna, Pangurus Osis ngondang nara sumber, nyaeta Bapa Ahmad Saelan, salah saurang wartawan senior anu geus welasan taun ngurus penerbitan koran.
Diskusi dipingpin ku pupuhu Osis, sabada jam pelajaran rengse, tempatna di jero kelas. Para pamilon diskusi ngasongkeun rupa-rupa pamanggihna. Gera urang bandingkeun. Pamingpin Diskusi
"Tos jelas kakuping ku urang sadaya pedaran ti Bapa Ahmad Saelan ngeunaan hal-hal anu patali sareng medalkeun buletin. Upamina dibandingkeun sareng majalah dingding atanapi mading anu salami ieu rutin janten garapan urang, medalkeun buletin mah bakal langkung seueur punjulna. Kahiji, daya sebar buletin mah langkung lega, sareng tiasa disimpen ku saban siswa, saupamina pami tos rengse dibaca kanggo didokumentasikeun. Kadua, eusina oge tiasa langkung euyeub, sareng tiasa dibaca iraha bae. Benten sareng mading anu mung hiji-hijina, sareng macana oge kedah bari ngaradeg, bari sakapeung mah sok rada pasedek-sedek.
Tah ayeuna mah kantun kumaha tanggapan ti urang sadaya, bade kumaha bae dina nerbitkeun buletin teh? Upami diwincik deui mah, kumaha cara ngolahna saha wae anu dipasihan tugas ngurusna, kumaha jadwal terbitna, sareng anu teu lkirang penting nyaeta kumaha milari biaya kanggo nerbitkeunnana? Mangga, kanggo masihan tanggapan, disanggakeun ka sadaya anu ngiring kana ieu diskusi." Amalia, wakil ti kelas VIII-2
Rampeeesss, mangga linggih, gening aya tamu, kalebet.......kelebet. Hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka saung butut, hapunten bae kalotor, masih keneh bebenah, teu acan rengse
Wednesday, 21 January 2009
DEBAT (PANGAJARAN KADUA)
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment